SILOKA HIRUP
Kajadian teu jauh ti tempat kuring
nganjrek, Israel (Istana Raket Rel), mang Juha anu sapopoe kasab dagang
cendol sisi rel kareta api, padahal geus sababaraha kali dicarek ku
anggota PKD, masih keneh can ganti lapak, cenah lebar langganan ke wae
lamun geus jadi Zone Merah, dimana nu meuli barang ti pedagang liar
didenda sajuta perak.
Wanci ampir tengah poe, rengse dagang mang Juha biasa ngelapan tanggungan cendol ku lamak beureum, kadenge sora klakson kareta api tanda kareta geus deukeut, mang Juha nitenan sakuriling, waspada, bari terus ngebutan tanggungan ku lamak beureum.
Dadak dumadak kadenge sora klakson tarik pisan. co-masinis ninggali aya
tanda bahaya di hareup mangrupa kibasan lamak beureum, langsung laporan
supaya kareta api eureun darurat sabab eureun lain waktu jeung tempat,
masinis ngerem kareta bari terus ngontak stasion pangdeukeutna, stasion
deukeut ngalaporkeun ka stasion daerah operasi anu terus di respon ku
sakabeh instansi terkait kaasup departemen perhubungan. Dirjen karetaapi
miwarang sakabeh kareta anu poe ieu rek ngaliwat rel tunggal wayahna
eureun darurat si stasion anu arek diliwatan bari nunggu instruksi
saterusna, antukna sababaraha lokomotif jeung gerbong mandeg. Kapal
barang di pelabuhan teu jadi waka indit ku sabab loba barang anu acan
asup ka logistik.
Sababaraha pabrik ngeureunkeun sawareh mesin produksi sabab bahan baku telat datang, pembayaran faktur jadi mundur deui kusabab barang produksi teu jadi dikirim, bea cukai ganti kasibukan, ngefek kana kabijakan sababarahiji perusahaan arek ngeureunkeun sawareh karyawanna. Bursa efek ngumumkeun duit dollar naek deui terkondisikan suasana ekonomi anu heunteu kondusif cenah, loba pemegang saham jeung obligator arek narik modalna. Para petinggi sidang darurat terus juru bicara ngabewarakeun rahayat kudu tenang sabab ieu kajadian euweuh unsur sabotase.
Nu lancar ukur mang Juha ninggali kareta api ngajegir eureun ngadadak hareupeun manehna teu kaganggu teu sing, da eta mah lain jobna cenah, jongjon wae ngebutan tanggungan ku lamak beureum.
Jrut Masinis turun hariweusweus nyampeurkeun mang Juha tukang cendol, pok Masinis nakon
“Aya naon mang?”,
Mang Juha ngajawab tenang “Teu aya nanaon Den, cendol seep, es batuna oge seep kantun gulana sakedik deui”.
Masinis.... ngahuleng sajongjongan, bingung kumaha nyieun laporan ka atasan (TAMAT).

0 comments:
Post a Comment