About Me

My photo
Bandung, Jawa Barat, Indonesia
Powered by Blogger.
RSS

CARPON TAMBA NUNDUTAN2

KONTROVERSI TEORI EVOLUS
Beda pamadegan mang taun-taun ngenaan teori evolusi anu diwawuhkeun ku Ujang Darwin, ahli biologi urang Inggris tea. Angot oge eta teori teh geus kagok asong asup kana kurikulum sakola saantero jagat, sanajan anu teu sajalan loba sarjana boh sarjana ti Barat sorangan, Orientalis atawa sarjana Islam. Salah sahiji universitas kelas jagat nu aya di Mesir nyaeta Al Azhar teu narima kana ieu teori evolusi kaasup teori-teori anu ngarojong kana ditarimana ieu teori evolusi.

Nepi ka hiji waktu para evolusioner ti tiap nagri rembugan arek ngajorag ku ngayakeun simposium arek sharing jeung pihak Universitas Al Azhar tea, bari mintonkeun pamanggih-pamanggih anu didukung ku riset-riset anu bisa dipertanggungjawabkeun yen teori evolusi anu diwawuhkeun ku Ujang Darwin teh geus bisa ditarima jeung realistis cenah.
Pihak evolusioner jeung rifalna geus mufakat yen ieu simposium arek diayakeun di gedung konferensi Al Azhar, waktuna oge geus ditangtukeun, anu bakal dihadiran ku utusan-utusan tiap nagri santero jagat, boh ti pihak pendukung oge ti pihak nu teu narima.
Sapoe samemeh simposium diayakeun para utusan geus daratang di Kairo, anu terus ngarinep di hotel-hotel anu geus direkomendasi ku panitia, pihak pamarentah Mesir memfasilitasi sagala kaperluan kusabab ieu nu daratang teh tamu kahormatan kalangan ilmuwan jeung intelektual mancanagara.
Nincak kana waktuna, peserta geus pada hadir di ruangan anu ditangtukeun, geus pada dariuk dina korsi tamu anu disadiakeun ku panitia, panitia oge nyadiakeun puluhan korsi khusus pikeun peserta adu argumen anu aya di katuhu jeung kencaeun ruangan keur masing-masing pihak ti pendukung teori evolusi jeung ti lawanna. Acara sharing arek di buka, tiap pihak anu rek ngilu debat geus nyiapkeun argumen-argumen anu panghadena, oge ratusan petanyaan anu bakal di tepikeun geus dirancang, ma’lum pertemuan bergengsi anu lain ukur ngajanjikeun sartufikat tapi bakal naekeun pamor kaelmuan di mata dunya. Para jurnalis jeung profesional sejenna geus siap kana tugas masing-masing.
Moderator mimiti macakeun mukodimah anu diteruskeun ku nguraikeun sesi-sesi acara anu bakal digelar, beres nepikeun pembukaannana, moderator unjukan : “Hapunten sateuacan sesi debat dibuka, sadaya peserta supados ngatur calikna masing-masing dina korsi-korsi anu parantos ditangtoskeun ku pihak panitia. Hapunten, supados jelas masing-masing pesertana, pihak panitia parantos ngatur, kanggo peserta anu rumaos katurunan Nabi Adam AS calikna dina korsi barisan katuhu ruangan, salajengna barisan korsi anu palih kenca dicalikan ku peserta anu rumaos katurunan monyet. Mangga!
Peserta kabeh teu aya nu cengkat, teuing teu ngenah, teuing kasinggung, teuing teu rumasa, da kabeh ge teu narima meureun ari disebut turunan monyet mah, sanajan pendukung fanatik teori evolusi oge kasup Ujang Darwin sorangan. Simposium batal, panitia ngabubarkeun tanpa hasil. (Cag).

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

CARPON TAMBA NUNDUTAN

SILOKA HIRUP

Kajadian teu jauh ti tempat kuring nganjrek, Israel (Istana Raket Rel), mang Juha anu sapopoe kasab dagang cendol sisi rel kareta api, padahal geus sababaraha kali dicarek ku anggota PKD, masih keneh can ganti lapak, cenah lebar langganan ke wae lamun geus jadi Zone Merah, dimana nu meuli barang ti pedagang liar didenda sajuta perak.
Wanci ampir tengah poe, rengse dagang mang Juha biasa ngelapan tanggungan cendol ku lamak beureum, kadenge sora klakson kareta api tanda kareta geus deukeut, mang Juha nitenan sakuriling, waspada, bari terus ngebutan tanggungan ku lamak beureum.

Dadak dumadak kadenge sora klakson tarik pisan. co-masinis ninggali aya tanda bahaya di hareup mangrupa kibasan lamak beureum, langsung laporan supaya kareta api eureun darurat sabab eureun lain waktu jeung tempat, masinis ngerem kareta bari terus ngontak stasion pangdeukeutna, stasion deukeut ngalaporkeun ka stasion daerah operasi anu terus di respon ku sakabeh instansi terkait kaasup departemen perhubungan. Dirjen karetaapi miwarang sakabeh kareta anu poe ieu rek ngaliwat rel tunggal wayahna eureun darurat si stasion anu arek diliwatan bari nunggu instruksi saterusna, antukna sababaraha lokomotif jeung gerbong mandeg. Kapal barang di pelabuhan teu jadi waka indit ku sabab loba barang anu acan asup ka logistik.
Sababaraha pabrik ngeureunkeun sawareh mesin produksi sabab bahan baku telat datang, pembayaran faktur jadi mundur deui kusabab barang produksi teu jadi dikirim, bea cukai ganti kasibukan, ngefek kana kabijakan sababarahiji perusahaan arek ngeureunkeun sawareh karyawanna. Bursa efek ngumumkeun duit dollar naek deui terkondisikan suasana ekonomi anu heunteu kondusif cenah, loba pemegang saham jeung obligator arek narik modalna. Para petinggi sidang darurat terus juru bicara ngabewarakeun rahayat kudu tenang sabab ieu kajadian euweuh unsur sabotase.
Nu lancar ukur mang Juha ninggali kareta api ngajegir eureun ngadadak hareupeun manehna teu kaganggu teu sing, da eta mah lain jobna cenah, jongjon wae ngebutan tanggungan ku lamak beureum.
Jrut Masinis turun hariweusweus nyampeurkeun mang Juha tukang cendol, pok Masinis nakon
“Aya naon mang?”,
Mang Juha ngajawab tenang “Teu aya nanaon Den, cendol seep, es batuna oge seep kantun gulana sakedik deui”.
Masinis.... ngahuleng sajongjongan, bingung kumaha nyieun laporan ka atasan (TAMAT).

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS