Gosay Otomotif: Montir Siaga 24 jam.Bandung: Kami juga melayani servis mobil yang mogok di perjalanan. Untuk daerah Bandung dan sekitarnya.Segala jenis dan tipe mobil Hub.081321111250...
CARPON TAMBA NUNDUTAN2
KONTROVERSI TEORI EVOLUS
Beda pamadegan mang taun-taun
ngenaan teori evolusi anu diwawuhkeun ku Ujang Darwin, ahli biologi
urang Inggris tea. Angot oge eta teori teh geus kagok asong asup kana
kurikulum sakola saantero jagat, sanajan anu teu sajalan loba sarjana
boh sarjana ti Barat sorangan, Orientalis atawa sarjana Islam. Salah
sahiji universitas kelas jagat nu aya di Mesir nyaeta Al Azhar teu
narima kana ieu teori evolusi kaasup teori-teori anu ngarojong kana
ditarimana ieu teori evolusi.
Pihak evolusioner jeung rifalna geus mufakat yen ieu simposium arek diayakeun di gedung konferensi Al Azhar, waktuna oge geus ditangtukeun, anu bakal dihadiran ku utusan-utusan tiap nagri santero jagat, boh ti pihak pendukung oge ti pihak nu teu narima.
Sapoe samemeh simposium diayakeun para utusan geus daratang di Kairo, anu terus ngarinep di hotel-hotel anu geus direkomendasi ku panitia, pihak pamarentah Mesir memfasilitasi sagala kaperluan kusabab ieu nu daratang teh tamu kahormatan kalangan ilmuwan jeung intelektual mancanagara.
Nincak kana waktuna, peserta geus pada hadir di ruangan anu ditangtukeun, geus pada dariuk dina korsi tamu anu disadiakeun ku panitia, panitia oge nyadiakeun puluhan korsi khusus pikeun peserta adu argumen anu aya di katuhu jeung kencaeun ruangan keur masing-masing pihak ti pendukung teori evolusi jeung ti lawanna. Acara sharing arek di buka, tiap pihak anu rek ngilu debat geus nyiapkeun argumen-argumen anu panghadena, oge ratusan petanyaan anu bakal di tepikeun geus dirancang, ma’lum pertemuan bergengsi anu lain ukur ngajanjikeun sartufikat tapi bakal naekeun pamor kaelmuan di mata dunya. Para jurnalis jeung profesional sejenna geus siap kana tugas masing-masing.
Moderator mimiti macakeun mukodimah anu diteruskeun ku nguraikeun sesi-sesi acara anu bakal digelar, beres nepikeun pembukaannana, moderator unjukan : “Hapunten sateuacan sesi debat dibuka, sadaya peserta supados ngatur calikna masing-masing dina korsi-korsi anu parantos ditangtoskeun ku pihak panitia. Hapunten, supados jelas masing-masing pesertana, pihak panitia parantos ngatur, kanggo peserta anu rumaos katurunan Nabi Adam AS calikna dina korsi barisan katuhu ruangan, salajengna barisan korsi anu palih kenca dicalikan ku peserta anu rumaos katurunan monyet. Mangga!
Peserta kabeh teu aya nu cengkat, teuing teu ngenah, teuing kasinggung, teuing teu rumasa, da kabeh ge teu narima meureun ari disebut turunan monyet mah, sanajan pendukung fanatik teori evolusi oge kasup Ujang Darwin sorangan. Simposium batal, panitia ngabubarkeun tanpa hasil. (Cag).
CARPON TAMBA NUNDUTAN
SILOKA HIRUP
Kajadian teu jauh ti tempat kuring
nganjrek, Israel (Istana Raket Rel), mang Juha anu sapopoe kasab dagang
cendol sisi rel kareta api, padahal geus sababaraha kali dicarek ku
anggota PKD, masih keneh can ganti lapak, cenah lebar langganan ke wae
lamun geus jadi Zone Merah, dimana nu meuli barang ti pedagang liar
didenda sajuta perak.
Wanci ampir tengah poe, rengse dagang mang Juha biasa ngelapan tanggungan cendol ku lamak beureum, kadenge sora klakson kareta api tanda kareta geus deukeut, mang Juha nitenan sakuriling, waspada, bari terus ngebutan tanggungan ku lamak beureum.
Sababaraha pabrik ngeureunkeun sawareh mesin produksi sabab bahan baku telat datang, pembayaran faktur jadi mundur deui kusabab barang produksi teu jadi dikirim, bea cukai ganti kasibukan, ngefek kana kabijakan sababarahiji perusahaan arek ngeureunkeun sawareh karyawanna. Bursa efek ngumumkeun duit dollar naek deui terkondisikan suasana ekonomi anu heunteu kondusif cenah, loba pemegang saham jeung obligator arek narik modalna. Para petinggi sidang darurat terus juru bicara ngabewarakeun rahayat kudu tenang sabab ieu kajadian euweuh unsur sabotase.
Nu lancar ukur mang Juha ninggali kareta api ngajegir eureun ngadadak hareupeun manehna teu kaganggu teu sing, da eta mah lain jobna cenah, jongjon wae ngebutan tanggungan ku lamak beureum.
Jrut Masinis turun hariweusweus nyampeurkeun mang Juha tukang cendol, pok Masinis nakon
“Aya naon mang?”,
Mang Juha ngajawab tenang “Teu aya nanaon Den, cendol seep, es batuna oge seep kantun gulana sakedik deui”.
Masinis.... ngahuleng sajongjongan, bingung kumaha nyieun laporan ka atasan (TAMAT).






